Kamis, 02 Juni 2011

Pupuh Juru Demung

Posted at 01.52 by thegudangupil
(gambar ilustrasi ti cover pangajaran 17 pupuh sunda mang koko)
Pupuh ieu ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan, pupuh ieu aya dina surupan pelog ......
pribados masihan dua conto tina pupuh juru demung ieu, nu kahiji :

Mungguh nu hirup di dunya (8-a)
Ku kersaning anu agung (8-u)
Geus pinasti panggih (6-i)
Jeung dua rupa perkara (8-a)
Senang paselang jeung bingung (8-u)
nu kadua :
Adigung
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.











bilih bade pupuh nu bentuk mp3 mangga  klik di palih ieu.
wilujeng ngadangukeun!

Sabtu, 21 Mei 2011

Pupuh Gurisa

Posted at 08.36 by thegudangupil

(gambar ilustrasi ti cover pangajaran 17 pupuh sunda mang koko)
   Pupuh Gurisa ieu ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung, dina ieu postingan pribados masihan dua conto tina pupuh Gurisa ieu.
conto ka hiji :
pupuh gurisa laras : salendro

Hayang teuing geura beurang (8–a)
geus beurang rek ka Sumedang (8–a)
nagih anu boga hutang (8–a)
mun meunang rek meuli soang (8–a)
tapi najan henteu meunang (8–a)
teu rek buru buru mulang (8–a)
rek tuluy guguru nembang (8–a)
jeung diajar nabeuh gambang (8–a)
dihandap ieu videona :

conto nu kadua :
Si Kabayan

Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.

bilih bade pupuh nu bentuk mp3 mangga ka klik di palih ieu.
wilujeng ngadangukeun!