Jumat, 20 Mei 2011

Pupuh Dangdanggula

Posted at 04.41 by thegudangupil
  
(gambar ilustrasi ti cover pangajaran 17 pupuh sunda mang koko)

   Pupuh Dangdanggula ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan jeung kagumbiraan, dina ieu postingan sim kuring bade masihan tilu conto tina pupuh Dangdanggula ieu:
conto nu kahiji :
Pupuh ieu dina laras pelog sorog

Mega beureum surupna geus burit (10-i)
Ngalanglayung panas pipikiran (10-a)
Cikur jangkung jahe koneng (8-e)
Naha teu palay tepung (7-u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9-i)
Ari ras cimataan (7-a)
Gedong tengah laut (6-u)
Ulah kapalang nya bela (8-a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12-i)
Kacipta salamina (7-a)

dihandap ieu sakantena videona :


Conto nu kadua :
Milang Kala

Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran

Conto nu ka tilu :

He Barudak poma sing areling
sing nyaah ka indung ka bapa
Maraneh teh matak hese
Komo nu jadi indung
Kahesean kaliwat saking
ti keur di kandungan
Matak hese wungkul
Mun dengdek kukulinciran
Waktu maneh gubrag gumelar ka lahir
Indung teh boa ajal.

bilih bade pupuh nu bentuk mp3 mangga ka  klik di palih ieu.
wilujeng ngadangukeun!

Related Post



Tidak ada komentar:

Posting Komentar