Jumat, 20 Mei 2011

Pupuh Asmarandana

Posted at 01.26 by thegudangupil
(gambar ilustrasi ti cover pangajaran 17 pupuh sunda mang koko)

Asmarandana pupuh  nu ngagambarkeun rasa kabirahian, kadeudeuh asih, jeung kanyaah. dina ieu postingan sim kuring bade masihan dua conto tina pupuh asmarandana,

Conto nu kahiji pupuh Asmarandana
dina laras : salendro

Eling eling mangka eling (8-i)
rumingkang di bumi alam (8–a)
darma wawayangan bae (8–e)
raga taya pangawasa (8–a)
lamun kasasar lampah (7–a)
nafsu nu matak kaduhung (8–u)
badan anu katempuhan (8–a)

dihandap ieu sakantenan aya videona


nu kadua contona:

Piwuruk Sepuh

Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya

bilih bade pupuh nu bentuk mp3 mangga ka  klik di palih ieu
Wilujeng ngadangukeun!

Related Post



Tidak ada komentar:

Posting Komentar